Jumat, 26 Desember 2008

bilih nuju saretress sareng nuju palay akey-akeyan. sumangga nyanggakeun.

Lebaran

Kardun: “Teu baleg pisan nya Ulama Islam Indonesia mah....Teu bisa akur !!... Pamarentahna teu boga wibawa deuih”

Maman: “Kunaon euy kukulutus teu pugah-puguh?”

Kardun: “Atuda keuheul dina kalender ge jentre lebaran teh tanggal 13, tapi can nanaon hiji paksi geus ngumumkeun lebarana poe Jumaah tanggal 12. Kuduna mah jiga di Arab Saudi, raja nu netepkeun idul fitri jeung idul adha teh..... rakyat jeung ulama mah nurut we mun geus jadi kaputusan pamarentah mah. Teu guminter jiga didieu...... ngabingungkeun umat!”

Maman: “Oh kitu!! Heueuh nya, asa lalieur ayeuna mah. Eh, ari ayeuna maneh puasa..........??”

Kardun: “Emhhh....... henteu euy..... loba halangan” tembalna bari balaham belehem

Maman: #^%$#???


Mihape Kuda

Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung nya. Emang rek ka ashar heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi? candak we ka masjid atuh mang." Bari ngaleos.
Kusir: ^*@&^#??



Lemesna

Ua Haji: "Cik, ari lemesna leungeun naon?"
Jang Dudi : "Pananganan"
Ua Haji: "Lemesna suku?"
Jang Dudi: "Sampeyan..."
Ua Haji: "Tah ayeuna...ari lemesna beas, naon?"
Jang Dudi: *mikir...uleng lila*....naon nya?
Ua Haji: "Tipung...Jang!"

-=-


Jilbab

x: "Mang, pan sanajan ayeuna geus diterapkeun aturan kudu make Jilbab, di sakola uing mah nu di jilbab ngan sapuluhan."
y: "Naha bet kitu?"
x: "Soalna ti sapuluh kelas, nu istri ngan sapuluh jalmi. pan sakola abdi mah STM"
y: "Bedul siah...! " bari keom.

-=-


Bandar tarasi mulang

Mang Diar tukang dagang tarasi, rek balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung. Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, Mang Diar teh kasarean tibra naker. Lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirana, teu nanaon sepuh ieuh karunya capeeun meureun. Beuki lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan jadi teu di gareuwahkeun. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana si wanoja. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan Mang Diar ngorejat, semu reuwas, "Kiri, Pir !!! Supir, Kiri!! Na ari sia geus nepi Cirebon Emang teu dihudangkeun?!!" ceuk Mang Diar.
Si wanoja nembalan : "Tenang we Mang, nembe dugi ka Kadipaten".
Mang Diar bari keom,"Ooh, kitu nyah. Naha seungit tarasinya bieu, asa geus nepi ka kampung...."

-=-


Tu in Wan

Tukang jeruk : "Jeruk jareruk..jareruuuuuk, mangga nu bade.... jeruk Garut asli asak tina tangkalna sanes asak karbitan, dijamin keueut!"
Tukang Tahu : "Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu, mangga nu bade...tahu Sumedang asli, curintik,karek nyat..dijamin pelem!"

Odoy : *bari culang cileung* "Jeruk kabita hayang ngasaan, ningali tahu komo kumerot, ngan edas mun meuli duanana teu boga jeung ongkos balik, ke.. ke...ari ieu tukang naon titatadi teu nawar nawarkeun, dupi mang ieu icalan naon?"

Si Emang : "Tahu rasa jeruk jang!"
Odoy : "Oh kaleresan atuh abdi meser sabongsang."

-=-


Toke

Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.
Toke : "Tokeeeeeee !"
Aslam : "Nyandung !"
Toke : "Tokeeeeee!" (kawas nu nembalan )
Aslam : "Ulah.."
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Nyandung !" ( bari seuri )
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Ulah.." ( semu baeud )
Sajongjongan toke teh teu disada deui, Aslam kekerot, kahayangna mah toke teh disada deui sakali,cukup sakali wae. Tapi ditungguan mangjam jam teu weleh disada. Beledag panto imah ditajong. Teu dinyana dibalik panto aya sora.

" Tokeeeeeee!"
Aslam atoh langsung nembalan " Nyan...**!"
Can acan parat ngomong, nu dibalik panto norojol pok ngomong,
"Nyandung jeung saha siah !" ceuk pamajikanana bari ngajiwir ceuli Aslam.

-=-


Gaduh Setruk

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
"Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.

-=-

Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
"Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug
"Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
"Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
"Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
"Jadi ujang teh butuh setruk, nyah?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh, anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
"Eh..muhun pa...abdi peryogi pisan...naha bapa kagungan kitu ?"
"Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan... bapa mah tos bosen ngubaran!"

-=-


Bari Saklitnov

Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna. Bu guru katarik ku hiji ngaran, panasaran nya dicalukan di murid nu boga ngaran aneh eta.
Guru : "Bari Saklitnov, cik kahareup!"
Murid : "Abdi, bu. Mangga."
Guru : "Ari maneh turunan Yugoslavia, nya?"
Murid : "Sanes, bu!"
Guru : "Eropa Wetan? Polandia?"
Murid :"Sanes..."
Guru : "Naha atuh eta ngaran maneh Bari Saklitnov?
Murid : " Ooh..eta. Bari teh singketan ti nami bapa (B)arna sareng pun biang M(Ari)ati."
Guru : "Mmmm...ari Saklitnov?"
Murid : "Sabtu Kliwon Tujuh November."
Guru: "Alus, Kolot nyaneh kreatip. Jug diuk kaditu."
Murid: "Nuhun, bu."

-=-


Pagawean anu dilaknat

Adun: "Pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
Danu: "Ngarogahala!"
Adun: "Ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?"
Danu: "Ngarogahala anak setan!"

-=-


Kadaharan Haram

Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : "Babi nu ngandung babi teu bapaan, siah...!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar